Bismillahirahmanirahim
Assalamualaikum wr wb
Alhamdulilahirabibil`alamin wabihi
nasta`inu a`la ummuriddunya waddin washolatu wa shallamu a`la asryofil anbiya`i
wal mursalin wa a`ala alihi wa shahbihi ajma`in amma ba`du
Para
pemuda pemudi anu sami sami mingharep ridho oge maghfirah Allah SWT. Langkung
tipayun mangga urang panjatkeun puja puji sinareng rasa syukur ka Allah SWT.
Anu mana atas izina urang sadayana tiasa ngempel di ie maqom dina raraga milari
elmu.
Teu
hilap sholawat sinareng salam mugi salamina tetep tercurah ka junjungan urang
sadayana nyaeta nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka para keluargana, sahabatna,
tabi’in, tabiuttabi’in dugi ka urang salaku umatna.
Para
pemuda pemudi sadayana, singkuring selaku pembawa acara
bade ngadugikeun susunan acara dina pangaosan wengi ayeuna, diantawisna:
1.
Pembukaan
2.
Pembacaan ayat suci Al-Qur`an
3.
Kultum
4.
Tausyiah
5.
Penutup
1. Para
pemuda pemudi sadayana mangga urang langsung wae kanu acara nu kahiji nyaeta
pembukaan. Mangga urang buka wae ieu pangaosan ku bacaan basmallah sasarengan
“Bismillaahirrahmaanirrahiim”
2. Anu
salajengna nyaeta acara nu ka 2 nyaeta pembacaan ayat suci Al-Quran. Anu ingsya
Allah bade di ‘aoskeun ku saderek ....... waktos sareng tempat mangga
nyanggakeun ka anjeuna
*Hatur nuhun ka saderek .... anu parantos ngaoskeun
ayat suci Al-Quran. Mugi tiasa nambih ka imanan sareng kataqwaan khususna kanu
ngaoskeunana, umumna kangge urang sadayana.
3. Para
pemuda pemudi ayeuna nincek kanu acara nu ka 3 nyaeta kultum. Anu ingsya Allah
bade di dugikeun ku saudara/saudari ......
*Hatur nuhun ka saderek ....... anu parantos
ngadugikeun kultumna mudah mudahan tiasa bermanfa’at kangge urang
sadayana.Amiin
4. Para
pemuda pemudi sadayana, anu salajengna nincek kanu acara nu ka 4, nyaeta
tausyiakh. Anu Ingsya Allah bade di dugikeun ku ustadz ....
*Hatur nuhun ka ustadz ..... anu parantos
ngadugikeun tausyiakhna. Mudah mudahan sagala rupi anu parantos di dugikeun
tiasa bermanfa’at kangge di amalkeun kana kahirupan sadidinten. Amiin.
5. Para
pemuda pemudi sadayana. Alhamdulillah pangaosan ti kawitan dugi ka akhir
parantos rengse. Anu salajengna nicek kanu acara terakhir nyaeta penutup.
Mangga urang tutup wae ieu pangaosan ku ‘aosan do’a kaffaratul majlis sareng
hamdallah sasarengan.
“Subhanakallahumma wabihamdika asyhadu allailahailla
anta astaghfiruka wa’atubu ilaik”
Allhamdulillaahirabbil’aalamiin.
Wassalaamu’alaikum
warahmatullaahiwabarakaatuh.